ciri ciri wayang

|
Di handap ieu mangrupakeun 3 ciri utama tina carita wayang :

1. Di daerah Sunda, carita wayang sumebarna ngaliwatan pagelaran wayang golek, jeung sacara tinulis anu mangrupa carita pondok (carpon), novel, dangding atawa wawacan. Carita wayang ditulisna ku pangarang anu jelas anu mangrupakeun tulisan fragmen atawa bagian-bagian dumasar kana carita Ramayana jeung Mahabarata anu asalna di India.

2. Carita wayang, caritana bisa mangrupa carita pondok atawa bisa oge mangrupa carita panjang saperti novel atawa wawacan anu bisa dibaca dina sapeupeuting malahan bisa nepi ka mangpoe-poe.

3. Carita wayang, caritana ditulis dumasar kana carita anu geus tetep, nyaeta dumasar kana carita Ramayana jeung Mahabarata ti India anu mangrupakeun kitab suci umat Hindu. Di Indonesia, carita wayang geus kapangaruhan ku ajaran agama Islam jeung pangaruh carita lokal lianna.

sumber:https://brainly.co.id/

0 komentar:

Posting Komentar